Monday, March 28, 2011

Lalakon kuring basa SMP (sundanese only :P)

Bieu teh luman-lamun bet jadi ras ka jaman baheula waktu es-em-pe keneh. **nyak kumaha kitu?** heueuh sok hayang seuri. Sateuacana hapunten sodarah2 sanes sombong adigung gede bujur, eh, hulu. Tapi kieu2 ge kuring teh mantan ketua osis jaman es-em-pe mah. Nya nu karek kenal ka kuring ayeuna2 mah pasti heran **moal mungkin-piraku-mustahil** haha pasti kitu nu aya na pikiran teh nya?? Tapi da memang kitu pisan. Waktu jadi ketua osis mah kuring teh lungguh, bageur, disiplin, rajin, pinter jeung pada mikaresep ku ambewew !! **hoax-wadul..!!** haha aslina kitu pisan secara kitu saha nu nolak jadi kabogoh ketua osis. Neng ucum wae putra pak Ustadz Endang leeh hatena. haha. **tapi bageur soteh mun di sakola hungkul nyak?** haha saratus persen BENER. Da nya atuh bageur soteh mun di sakola kan figur umum kudu jadi conto hade. Tapi nu pada mikaresep ku ambewew na mah teu di sakola teu di luar angger we da kumaha atuh kasep mah bawaan lahir. haha. Tapi mun geus di luar sakola mah sabenerna jadi SABALIKNA!! Kuring teu resep pakean rapih. Gaul kuring jeung tukang ojeg. Malah bisa kana motor ge eta teh bati gaul jeung tukang ojeg. Ti es-em-pe oge da kuring mah geus biasa hirup mandiri alias ngakost. Babaturan kuring aya duaan. Nu saurang ngarana Saepul, sok di sebut Epul. Jelemana rada culun. Nu saurang deui ngarana Zenal, leuwih kasep ti kuring. haha. Urang pasisian hungkul...

Tahh, mun inget ka batur kuring ngakost sok jadi terus inget ka salah sahiji tukang ojeg balad kuring tea. Ngarana mang Dikdik. Ieu salah sahiji kalakuan ''jempol'' kuring [baca : teu eucreug] basa keur es-em-pe tea. Kieu caritana.. **jadi ti tadi teh acan kana intina??** haha tadi mah karek mukadimah...

Hiji poe, memeh maghrib kuring tiluan niat rek indit ngaji. Di jalan panggih jeung mang Dikdik terus ngobrol nu akhirna mang dikdik ngajakan liliwetan/papasakan. Cenah beasna ti kuring tiluan, mang Dikdik nu nyadiaan laukna. Akhirna kuring bagi tugas. Si Epul purah ngisikan jeung ngaliwet. Kuring, si Zenal jeung mang Dikdik bagean ngala jeung ngurus laukna. Caritana saanggeus rengse solat magrib **lain terus ngaji nya??** hehe, kuring duaan terus ka imah mang Dikdik sedengkeun si Epul terus ka kosan [rek ngisikan tea]. Di imahna mang Dikdik geus siap jeung jeujeur-useupna. Teu loba carita kuring tiluan langsung indit ka balong nu perenahna tonggoheun masjid. Balong nu aya di eta tempat teh aya kana tujuhna [mun teu salah] jeung masing2 balong teh meuni pinuh ku lauk. Da eta we mun ngalungkeun batu ka balong teh lauk meni langsung ronyok nyangkana hakaneun meureun...

Ngan kuring ngarasa heran basa nepi ka balong teh mang Dikdik lain eureun di lebah balongna sorangan tapi kalah terus ka lebah handap terus eureun di balong mang Idin. **haarrr??** hehe puguhan... "naha di dieu nguseupna??" tanya kuring. "Di balong urang mah bawalna lemut keneh, di si Idin mah geus sagarede kieu [ngasongkeun dampal sendal]". Teu loba catur akhirna mah kuring nurut ka mang Dikdik, tiluan nguseupan balong batur. Bari sabenerna eta mang Idin teh bapana kabogoh kuring harita. Jadi kuring ''nyuhunkeun" lauk nu mitoha. haha. Kusabab useup kur aya dua, kuring mah teu nguseup ngadon cicing na tangkal jambu... Bari rada ngala saeutik... **emh, laukna ongkoh jambuna ongkoh nyak??** hehe...

Tahh, aya kana sapuluh menitan mah geus hasil lauk teh aya kana opatna. Keur anteng2na kuring sabalad2 "kongkur", ti lebah tonggoh ujug-ujug kaciri aya nu hurung beureum kakalayangan. Jelema keur leumpang bari mawa roko..!! Nyeta pan kusabab poek tea jadi kur kaciri hurung seuneuna we hungkul. Kuring tiluan ngahephep. Tapi sidik eta jelema teh terus mengkol leumpangna turun ka lebah kuring tiluan nu keur ngahephep tea. Atuh puguh mang Dikdik jeung si Zenal reuwaseun kacida. Maranehna tuluy jungjleng ka wahangan leutik nu aya di lebakeun balong. Ari kuring kusabab keur dina tangkal tea jadi teu bisa kukumaha da puguh mun turun mah bakal kanyahoan akhirna mah ngadon ngadedempes we ngegel curuk bari hate ratug teu puguh. Akhirna eta jelema teh napi ka tempat dimana tadi kuring tiluan nguseup. Tuluy eta jelema teh luak-lieuk siga nu neangan jelema. Saenggeus ngahuleng sawatara lila ari pok teh eta jelema teh ngomong bari semu ngaharewos.. "mang Dikdik!! Dikok!! kamarana euy!!??" kuring sajongjonan ngarasa heran tapi teu wani ngajawab. Terus kadenge sora mang dikdik nembalan ti lebah wahangan. "Saha euy??" cenah bari semu ngaharewos oge. "Ieu urang, Hendar." jawab eta jelema. Si Hendar teh sarua balad kuring ulin sapopoe. Atuh ti dinya mah mang Dikdik jeung si Zenal sing kurumuy ti lebah wahangan bari kukulutus da panyangkana eta teh mang Idin nu ngontrol balong. Kuring ge terus turun we bari ngilu nyarekan si Hendar da puguh reuwas. Ari nu di carekan na mah ngadon nyengir we. Manehna ngomong apal kuring tiluan nguseup teh ti si Epul, sanggeus nyieun "perjanjian linggar balong" jeung si Hendar [baca: ulah ribut] kuring opatan terus balik ka imah mang Dikdik. Nepi di imah teh da hayang seuri atuh ninggali mang Dikdik jeung si Zenal. Pakean karotor bari baraseuh da puguh ngagurusuk tuluy ngagejeburkeun maneh ka wahangan tea. Malahan mah si Zenal rada cingked da meureun duka titajong duka kumaha. "Doraka ti mang Idin eta teh" ceuk si Epul bari nyerengeh. "Jig2 weh asakan eta lauk" jawab si Zenal bari manyun. Untung kuring mah teu ngilu nguseupna jadi teu kunanaon, ceuk kuring na hate. **halaahhhhhh.. kalakuaaannnn..** hehe.. Hampura dosa mitoha teu jadi. Barudak sono kuring euy dimarana ayeuna mudah2an sing cageur bageur heueuh. Sing garede milik. Amienn. Keun we lah da eta mah jaman baheula. Hehe.. CAG!

No comments:

Post a Comment

My Ping in TotalPing.com